Pelajaran Bahasa Sunda|Dongeng Sunda Fabel"Kuda Tara Mandi"Pedaran Bapa C.Arya katenga

  Рет қаралды 252

sobat nu baheula

sobat nu baheula

2 ай бұрын

SAMPURASUN,
Kumaha daramang barudak sadaya dinten ieu bapa bade ngadongeng anu judulna
"Kuda Tara Mandi"
leu dongeng kaasup dongeng Fabel nyaeta
dongeng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan.
Kumaha cenah dongengna? Kieu dongengna: Di hiji leuweung sisi walungan, aya sakadang kuda anu kacida kedulna kana mandi téh. Padahal mah walungan tempat mandina deukeut jeung imahna. Aya baé alesana anu diomongkeun ku sakadang kuda supaya teu mandi téh.
Sakadang kuda mah loba alesan lamun diajak mandi ku babaturanna teh"Caina tiis tea cenah, teréh asup angin lah., boga panyakit asam urat.,babari muriang.." jsb.
Dina hiji poé, aya sakadang peucang jeung babaturana nu keur marandi di walungan éta, atuh henteu poho salaku jadi babaturan mah manehna ogé ngajakan ka sakadang kuda supaya gabung.
Gajah: "Hey sakadang kuda! Hayu geura urang marandi babarengan, caina seger yeuh! Mandi buru supaya awak urang ogé tetep seger.' ceuk sakadang Gajah
Ari sakadang kuda ngan saukur ngagédég wungkul sirahna, bari nempokeun sakabeh babaturana nu keur marandi. Tapi, manéhna mah henteu saeutik-eutik acan boga niat hayang mandi.
Kuya: "Hayu buruan kuda...! Urang mandi babarengan, engké lamun manéh henteu mandi awak manéh jadi bau geura.' ceuk sakadang Kuya
Sapi: "Bener éta téh kuda! Lamun manéh henteu mandi, awak manéh
jadi bau jeung euweuh babaturan anu daék deuket-deuket jeung manéh engkéna." Ceuk sakadang sapi.
Peucang: "Bener pisan éta, salian ti éta engkéna kulit manéh jadi ararateul." Tembal sakadang Peucang.
Kuda: "Hahaa! Moal atuh, sanajan kuring teu mandi gé kuring mah sok ngajaga bulu kuring supaya bersih. Tingali naha ku maranéh, bulu kuring mah henteu kotor." Sababaraha poé saterusna, kuda tara katempoan di sakitaran tempat walungan éta. Manehna kalah ngerem baé dijero imah. Peucang ogé ngarasa melang da watir paur di gondol ku maung, teu lila peucang ogé nyampeurkeun ka imahna.
Peucang: "Hei sakadang kuda, babaturan kuring. Geus lila kuring tara nempo manéh. Kumaha manéh téh damang?" Ditanya ku sakadang peucang bari nempokeun kuda anu kucel pisan.
Kuda: "Kaula ngarasa era pisan, tingali naha awak kuring ayeuna dipinuhan ku bentol-bentol. Ararateul pisan, geus digaroan ogé tapi angger baé kalah nambahan loba." Ceuk kuda bari ngarasula..
Peucang: "Kuda, ieu téh panyakit kulit panu! Panu sala sahiji panyakit kulit anu disababkeun ku manéh tara mandi!" Ceuk peucang.
Kuda: "Nu bener sakadang peucang? Tapi apanan bulu kuring katempona bersih baé." Tembal kuda ngabéla diri.
Peucang: "Bersih timana? Éta mah ngan ukur ceuk manéh, da angger baé ceuk batur mah sabalikna." Ceuk peucang téh, bari unggeuk jeung yakin, panyakit panu éta téh disebabkeun ku manehna tara
mandi.
Sabaraha poé saenggeusna sakadang kuda ogé sadar kana
kesalahana nu geus ngarugikeun dirina sorangan nya éta ku sabab
tara mandi tea.
Kuda ogé ngarobah kabiasaana ku cara ngabiasakeun mandi isuk jeung soré unggal poé.
Atuh ayeuna mah,kuda geus bisa ngarasakeun awakna jadi leuwih seger jeung leuwih sehat. Manéhna nyadar lamun mandi unggal poé téh ngajadikeun awakna s éhat lain sabalikna malik gering.
Ahirna, Kuda ogé ayeuna mah sok ngajaga kabersihan awakna, u tamana mandi dua kali sapoe nya éta isuk jeung soré.
Rengse..
Tah..sakieu carita dongeng fabel dinten ieu,anu judulna"kuda tara mandi".
Dongeng ieu mere conto ka urang,supados urang rajin mandi,
pikeun ngajaga kasehatan jeung kabersihan awak,urang kudu rajin mandi,minimal 2 kali dina sadintenna.haturnuhun.
#pelajaranbahasasunda#dongengsunda

Пікірлер
DONGENG SUNDA BAH ANOM DI UDAG JABLAY
29:40
Si AMOY
Рет қаралды 2,7 М.
Rahasia Yang Bisa Bangkitkan Semangat Seorang Pemalas
14:17
Kisah Bijaksana
Рет қаралды 346 М.
Osman Kalyoncu Sonu Üzücü Saddest Videos Dream Engine 170 #shorts
00:27
Did you believe it was real? #tiktok
00:25
Анастасия Тарасова
Рет қаралды 47 МЛН
DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA
5:11
azizah laelatul badriah
Рет қаралды 87 М.
Dongéng : Peucang jeung Buhaya
5:59
Komala Sutha
Рет қаралды 81
DONGENG SUNDA BAH ANOM HAYANG DI BERE
33:20
Si AMOY
Рет қаралды 2,3 М.
Dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
6:13
Tarucing Garing
Рет қаралды 243 М.
DONGENG SUNDA BAH ANOM MANG DARMAN DI KAWIN KEUN
27:09
Si AMOY
Рет қаралды 1,8 М.
DONGENG SUNDA BAH ANOM SI UDUNG NGINTIP NU MANDI
20:37
Si AMOY
Рет қаралды 18 М.
Cerita Fable (Nur Rizki Arini)
3:35
Nurrizki arini
Рет қаралды 95
DONGENG SUNDA BAH ANOM IH MENI LANYED
40:35
Si AMOY
Рет қаралды 7 М.